Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
149

tjileureun, djeung bisi aja noe wani njabak atawa noe njioem ka moerangkalih.

Sang Prameswari oeningaeun, jen kaoela sok ngaping moerangkalih, sarta dina hidji poě andjeunna sasaoeran, saoerna: „Soekoer Paing, maneh miloe ngamongmong poetri boerěj. Hate kami ngarasa reugreug, da geus njaho kana kagoematian maneh. Ongkoh kami ge keur leutik, maneh noe ngasoeh.”

Heuleut sawatara taoen Sang Poetri geus rada ageung, sarta minděng aměng ka taman. Karěsěpna aměngna di sisi balong, sok ningalikeun laoek djeung pěpělakan anoe ngarambang, daoenna roebak nalamprak, kěmbangna barodas rantjoeng.

Dina hidji poë Sang Poetri aměng di taman diiring koe lima ěmban, noe saoerang mawa pangtjongkakan, toeloej ngadjak maen tjongkak ka batoerna, atoeh pogot doeaan maraen tjongkak di handapeun tangkal kai noe ngarěnggěněk, dilaladjoan koe noe tiloean, něpi ka tjoel Sang Poetri aměng njalira, teu aja anoe ngaping.

Ari Sang Poetri kadjongdjonan ningalian kěkěmbangan, toeroeg-toeroeg harita teh aja hidji koekoepoe aloes kěkělěpěran, rek njeuseupan madoe kěkěmbangan, sieuneun Poetri. Tina sabab eta koekoepoe hiběrna teu daekeun djaoeh, toer semoe lindeuk, koe Poetri rek ditewak, bět hiběr ngadjaoehan, ditoetoerkeun beuki djaoeh-beuki djaoeh, djol bae ka sisi balong, reg Sang Poetri ngaranděg, aměng di dinja.

Koe kaoela katendjo ti kadjaoehan. Pikiran teh, pirakoe teu kanjarahoan koe pangatik anoe sakitoe lobana.

Barang Sang Poetri katendjo tember katjida di sisi balong, kaoela njěblak, inggis Sang Poetri tikoentjloeng. Rek gěgěroan ngabedjaan para ěmban, kaoela hěnteu bisa, wantoening sato, lain djělěma. Sabot kitoe Sang Poetri tikoentjloeng manten, atoeh teu ngěngkekeun deui, gantjang kaoela teh loempat, rek noeloengan. Kakara para ěmban teh njarahoeun,