Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/153

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
151

ningali kaoela datang mawa Sang Poetri, enggal m~dal ti paměngkang bari mariksa: ,,Koe naon ieu teh, koe naon?"

 Sang Poetri teh koe kaoela disanggakeun, toeloej koe andjeunna dipangkon bari rěmběs tjisotjana. Para istri djeung para ěmban pahiboet, aja noe ngoetjoelan panganggo Sang Poetri, aja noe njokot tjai dina bokor ěmas, aja noe njokot saboen djeung handoek. Těroes bae Sang Poetri teh ditjeboran, disaboenan koe saboen seungit. Sanggeus ditoeoeskeun koe handoek, kakara panganggona diganti koe noe araloes, diebogkeun di pangkoeěmanana, dirioeng koe iboena djeung para garwa ggěden, bari smoe noe prihatos, ngamaranahan Sang Poetri, noe masih ngalehleh bae, hěnteu beunta-beunta atjan, ngan katjiri napasna aja keneh.

 Komo ěmban noe limaan, noe tadi ngariring ka taman tea, alah batan naon-naon soesaheunana, sieuneun Poetri něpi ka tiwas, djeung kadoehoeng kadjongdjonan maen tjongkak, katambah soesah koe pidjawabeun, lamoen ěngke dipariksa, koemaha lantaranana noe matak Poetri tjilaka.


40. Gadjah aheng.

(Toeloejna IV).


 Sanggeus Poetri rada damang, geus kěrsaeun mesěm, Prameswari rada lěga mamanahan, toeloej andjeunna miwarang njaoer ěmban noe limaan, dipariksa koemaha asal-asalna noe matak něpi ka kadjadian saroepa kitoe.

 Mimitina noe dipariksa teh tjaritjing bae, taja noe wani oendjoekan. Tapi bawaning dihantěm diseukseukan koe Prameswari, toengtoengna aja nja eta ěmban noe mawa pangtjongkakan ka taman tea. Ari pioendjoekna kieu : ,,Abdi goesti limaan soemědjanjanggakeun beuheung teukteukeun, soeke gěnteng bělokeun,