Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/154

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
152

sadaja-daja koema pangĕrsa, bade dibeureum dihideung oge, teu sĕdja ngalalangkoengan. Doepi noe mawi poetra goesti tjilaka, kieu margina: Awitna poetra goesti teh hĕnteu tĕbih ti abdi goesti limaan, antĕng pisan mĕtikan kĕkĕmbangan.

Teu kantos lami abdi goesti poen Paing dongkap, njampeurkeun ka poetra goesti. Enggal poetra goesti didjoengdjoengkeun koe poen Paing koe toelalena, sarĕng tĕras dibantoen ka sisi balong. Poen Paing koe abdi goesti limaan digĕroan, digeunggeureuhkeun oelah kitoe, nanging wĕleh teu ngagoegoe. Diaroedag koe abdi goesti limaan, nanging loempatna tarik teu kintĕn memeh kaoedag, memeh poetra goesti karĕboet, parantos kĕtjĕboer manten, dikoentjloengkeun koe poen Paing.”

„Tjoba eta,” tjek si Paing ka batoer-batoerna, „nĕpi ka wanieun ngabohong ka doenoengan, bawaning sieun dihoekoem. Padahal noe dipitĕnah, nja boektina kaoela, aja di dinja, ngadengekeun. Atoeh nadjan kaoela njaho oge, jen di pajoeneun pangagoeng atawa sĕpoeh koedoe bisa nahan napsoe, djeung nadjan kaoela njaho, jen Sang Prameswari adil, moal boeroeng noe boga dosa dihoekoem, tapi ari kitoe-kitoe teuing mah, geus teu bisa nahan kasabaran, lat bae kaoela poho, jen dipajoenan koe Ratoe, teu tata pasini deui djĕbet bae noe wawadoel teh digĕboeg tonggongna koe toelale kaoela, nĕpi ka laboeh nangkoeban, iroengna baloboran djeung biwirna djantowor.