Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
153

Koe Sang Prameswari kagalih, jeu eta emban teu oendjoekan satarabasna. Atoeh běndoe andjeunna teh, sarta ngalahir: „Tangtoe bohong maneh, ěmban. Ajeuna maneh koedoe ditoetoep, noenggoe poetoesan.”

Tidinja andjeunna nimbalan abdi-abdi ngasoepkeun eta emban ka hidji kamar, sarta pantona dikontji djeung didjaga, soepaja eta ěmban teu bisaeun minggat.

Sang Prameswari lěbět deui ka pangkoeleman, rek ningali kangpoetra. Memeh lěbět, kaboeroe aja anoe kaloear ti pangkoeleman, nja eta tabib anoe měntas mariksa Sang Poetri. Eta tabib gantjang oendjoekan, ngoendjoekkeun Poetri geus henteu matak hawatos, salirana teu kirang sawios-wios, malah geus kersaeun tjalik.

Barang Prameswari lěbět ka pangkoeleman, ningali poetra keur tjalik bari mesem, kabingahan manahna teh geus teu aja babandingan ana.

Teu koengsi lila Sang Prameswari mědal deui ti pangkoeleman, teras loengsoer bari njaoer ka kaoela, njarioskeun Poetri geus damang.

Barang tamat andjeunna sasaoeran, gantjang bae tjeuli kaoela dikoepat-kapit, nandakeun ngiring bingah.

Sang Prameswari njakětan ka kaoela, toeloej ngoesapan toelale, bari sasaoeran kieu: „Běněr bageur maneh teh Paing, djeung pinter deuih, ngarti kana omongan djalma, něpi ka kami bisa njaho kana asalna noe. matak Poetri tikoentjloeng. Saěnjana samemeh maneh ngagěboeg si ěmban oge, kami teh geus teu pěrtjaja ka eta ěmban, tina bangět kapěrtjajaan kami kana kas atiaan maneh. Moestahil maneh něpi ka wani ngoentjloengkeun Poetri! Moen ěndek ge, noe noeloengan. Lain kitoe, Paing?”

Kaběněran harita Sang Radja rawoeh. Dawoehanana ka kaoela: „Kami teu ngarti, koemaha saěnja-ěnjana, noe matak Poetri tikoentjloeng. Pioendjoek emban teu beunang dipěrtjaja. Teu kaharti koe akal, diri maneh noe satia toehoe