Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
154

ka kami, něpi ka ngoentjloengkeun Poetri. Djeung geus boekti, jen maneh pribadi noe mawa Poetri ti těmpat katjilakaan ka karaton."

 Geus kitoe Sang Radja sasaoeran Ia Prameswari, jen andjeunna hojong oeninga, di lěbah mana Poetri teh tikoentjloengna. Sang Prameswari nja kitoe deui hojongoeninga těmpatna. Sang Radja teh ngalirik ka kaoela, bari saoerna: ,,Hajoe Paing, oerang ka taman. Bngke koe man eh toedoehkeun, Iěbah mana Poetri teh tikoentjloengna."

41. Gadjah aheng.

(Toeloejna V).

 Sang Radja djeung Prameswari arangkat ka patamanan, diiring koe kaoela. Kaběněran pangtjongkakan aja keneh, ngagoler handapeun kai. Gantjang atoeh koe kaoela ditoedoehkeun, nja eta koe ngoelang-ngoelangkeun toelale.

 Koe Sang Radja kahartoseun, enggal bae nimbalan djaga taman, njaoer ěmban pangasoeh Poetri. Eta ěmban dipariksa koe Sang Radja, koemaha asal asalna, noe matak Poetri tjilaka. Pioendjoek noe dipariksa: ,,Soemoen dawoeh. Noe njilakakeun poetra teh, abdi goesti poen Paing. Koe abdi goesti hěnteu katingal dibantoenna ti pangamngan, katingal teh parantos ngětjěboer bae ka balong."

 Sang Radja: ,,Ari noe noeloengan, saha ?"

 Emban: ,,Noe noeloengan teu aja sanes, kadjabi ti abdi goesti, ěmban limaan. Nanging nmbe oge dihandjatkeun, poetra goesti dirěboet deui koe poen Paing, sarng tras dibantoen ka karaton."

 Sang Radja mesěm, tandaning teu pěrtjantěneun kana eta pioendjoek ěmban, toeloej andjeunna ngalirik ka kaoela bari mariksa: ěKoemaha Paing, běněr pioendjoek ěmban teh?"