Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
25

„Balěněr kabeh euj. Djadi maraneh opatan noe bakal meunang gandjaran.”

 Soeparni ngaharewos rada bědas: „Naon gandjaranana, nja Ěmpat?”

 Goeroena angkat kana lomari, njandak djěroek paseh, manggoe djeung wadah kěmbang noe make kěmbang ros doea, hidji beureum, hidji bodas; sok diteundeun didjadjarkeun dina medja, bari saoerna: „Ieu kěmbang ros djadi gandjaran boedak awewe, hidji sewang; djěroek djeung manggoe bagian boedak lalaki. Lain kitoe, Gani?”

 „Soemoehoen,” walon Gani, bari měntjrong kana djěroek djeung manggoena dina medja. Gani tangtoe meunang djěroek, noe bakal didahar ěngke di loear, waktoe ngaso.

 Goeroena njaoer boedak awewe noe ngaran Epon, saoerna:„Ka dieu Epon, nangtoeng di hareup, tapi koedoe noekang kana ieu medja. Ěngke bapa noendjoekan ieu gandjaran. Koe Epon koedoe disěboet bagian saha, tapi teu meunang ngalieuk kana medja. Kaharti?”