Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26

Sanggeus Epon nangtoeng noekangan medja toer rada djaoeh, pek goeroena noendjoek kana ĕros bodas bari sasaoeran: „Sĕboetkeun Epon, bagian saha ieu teh?”

Wangsoel Epon: „Bagian poen Soeparni.”

Tangtoe pisan ĕros beureum bagian Patmah.

Goeroe sasaoeran deui bari noendjoek kana manggoe, saoerna: „Ari ieu bagian saha, Epon?”

„Bagian poen Gani,” tjek Epon.

Saha anoe meunang djĕroek? Tangtoe bae si Ardi mah.


7. Pagantjang-gantjang ngitoeng.

(Toeloejna).

Katjida atoheunana, si Ardi meunang djĕroek teh, toeroeg-toeroeg djiga djĕroek amis pisan. Tapi barang top ditjokot, bĕt hampang pisan djĕroek teh; horeng lain djĕroek ĕnjaan. Njeh bae manehna seuri bari mĕntjrong ka goeroena.

Gani ge geus njangka bae, jen manggoena manggoe tironan, nadjan katendjona djiga manggoe toelen oge, bangoenna djeung roepana njples manggoe. Top koe manehna ditjokot, tetela hampang.

Kĕmbang ros nja kitoe deui. Ditendjo saliwat mah, moal aja noe njangka titironan. Tapi ari ditĕngĕtan diawas-awas, tetela kĕmbang ros palsoe.

Goeroe mariksa ka Ardi bari mesĕm: „Koemaha Di, djĕroek teh rek didahar?”

Ardi ngarti, jen goeroena ngabanjolan. Ngawalonna oge banjol bari imoet, pokna: „Kantĕnan, nanging ĕngke di rorompok, soepados oelah aja noe njoro.”

„Oelah kitoe” saoer goeroe, „ari boga rĕdjĕki teh koedoe daek mere ka batoer.”

Soeparni rada panasaraneun, minangka njidikkeunana,