Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
28

Kabeh oge baroedok teh rarĕsĕpeun ngadengekeun dongeng goeroe, malah sok sarĕgěp pisan ngabandoenganana, sabab radjeun anoe didongengkeun tea, ĕngkena koedoe dikarang koe baroedak atawa didongengkeun deui koe saoerang-saoerang, bari nangtoeng hareupeun bor.

Sanggeus baroedak beres dioekna sarta djěmpe, kakara goeroe ngadongeng, kieu saoerna: „Djaman baheula aja hidji radja anoe mashoer sabar adil palamarta. Nagarana kĕrta rahardja, kaïmpoengan koe djělěma ti mana-mana. Djaba Sang Praboe koe andjeun, anoe sok sĕring ngaroris ka kampoeng-kampoeng nitenan abdi-abdi, aja deui noe djadi kapěrtjantěnanana, ponggawana anoe pintěr toer satia. Babakoena baroedak ngora koe Sang Radja sĕring pisan diinsapkeun, sangkan daraek nambahan kapintěran dina sagala lapangan. Oepama aja oedjian, radjeun oge diloe'oehan koe Sang Radja, hojongeun ningali baroedak pintĕr.

Ari dina hidji poë Sang Radja ngadangoe wartos, jen aja hidji djadjaka pintěr. Ditanja naon-naon teh, sok bisaeun bae ngadjawab.

Dina panggalih Sang Radja, lamoen aja anoe sakitoe pintěrna, koe andjeunna bakal didjěněngkeun patih. Enggal bae djadjaka anoe mashoer pintěr teh ditimbalan ngadeuheusan ka karaton. Teu koengsi lila geus datang. Ditingali koe Sang Radja, djadjaka teh hade pisan tatakramana, njaho koemaha pantěsna anoe ngadeuheus ka Radja. Roepi-roepi Sang Radja pamariksana, malah aja pěrkara noe moeskil-moeskil, kabeh kadjawab, toer djawabanana běněr.

Kotjap dina hidji poë pasosore Sang Radja teh noedjoe linggih dina korsi, papajoen-pajoen sinarĕng Sang Prameswari, njarioskeun djadjaka noe pintěr tea. „Běněr pinter.” dawoehan Sang Radja teh, „ditanja naon-naon ge, kadjawab bae. Aja soeäl anoe katjida hesena, noe dikira moal kadjawab, tapi teu boeroeng kadjawab koe manehna. Pantěs pisan, lamoen didjěněngkeun patih teh.”