Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
29

Diwalon koe Prameswari: „Oepami kitoe mah, manawi jaktos pintěr. Nanging abdi hajang njobi, sakoemaha pintěrna teh. Aja sahidji pěrkawis anoe teu kintĕn sěsahna. Koe emoetan, eta djadjaka moal měndak piakaleunana.”

Sang Radja mesĕm bari ngadawoeh: „Tjoba bae, isoek oerang saoer deui.”

Isoekna djadjaka tea geus djol deui ka karaton, němonan panjaoer. Kangdjěng Radja kasondong noedjoe linggih majoenan medja, sarta dina eta medja aja wadah kěmbang ĕmas toer dieusian kĕmbang anoe katjida loetjoena. Teu koengsi lila djol soemping Sang Prameswari ti lěbět; memeh linggih, andjeunna teh ningali ka djadjaka bari ngandika: „Awaskeun ieu kĕmbang anoe sakieu loetjoena. Tangtoe tjek ieu-ieu ge, ieu teh kabeh kĕmbang sadjati. Padahal saĕnjana mah kěmbang sadjatina ngan hidji, noe loba mah palsoe bae. Lamoen bisa, tjik toedoehkeun, noe mana kĕmbang sadjati.”

Tjong djadjaka teh njěmbah, lalaoenan ngadeukeutan kana kěmbang, bari hantĕm ditilik ditělěk-tělěk, soesoeganan aja tjirina. Tapi wěleh teu katjiri. Teu aja pisan bedana kĕmbang sadjati djeung tironan teh. Pok manehna oendjoekan: „Abdi dalĕm hĕnteu tiasa njĕbatkeun, noe mana kĕmbang tironan, margi hěnteu pisan-pisan aja tjirina. Ajeuna abdi dalĕm sědja njoehoenkeun sarantos. Manawi kawidian, kĕmbangna bade dibantoen ka rorompok, bade dipikiran heula sawatawis dintěn.”

„Hade,” dawoehan Sang Radja, „saoepama geus kapikir, koedoe gantjang ngadeuheus deui ka dieu.”

Tjong djadjaka teh njěmbah, kěk njěkěl wadah kĕmbang, dibawa ka loear katoet kĕmbangna. Kaběněran di loear aja koekoepoe. Kěkělěpěran koekoepoe teh rada sieuneun, rek eunteup kana kěmbang. Sok atoeh wadah kembang teh djeung kembangna koe djadjaka diteundeun dina tembok. Gantjang koekoepoe teh eunteup kana kěmbang noe aja