Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
30

madoean. Tangtoe eta kĕmbang noe sadjati tea, da ari kĕmbang palsoe mah moal madoean, moal kaambeu nanaon koe koekoepoe.

 Djadjaka teh teu toeloes balik, gantjang bae mĕdĕkan ka Prameswari, noedoehkeun kĕmbang sadjati, nja eta anoe bieu dieunteupan koekoepoe tea.

 „Toeh geuning,” saoer goeroena, „ari djĕlĕma pintĕr mah hĕnteu katipoe. Nadjan kĕmbang tironan tea saroea pisan djeun, kĕmbang noe sadjati, eta djadjaka teu beeroeng njaho bedana, sabab njahoeun kana rasiah koekoepoe.”

8. Watĕk gĕmi, matak djadi
kasĕnangan.

 Si Amin djadi soepir. Oenggal isoek sak ka dajeuh ngadjadjapkeun djoeraganana ka kantor. Oepama joeraganana rek angkat-angkatan djaoeh, manehna sok hidĕng njadiakeun naon noe pĕrloe, nja eta sok ngabensinan mobilna satjoekoepna, malah radjeun mĕkĕl minjak nĕpi ka sablek, sangkan mobilna oelah mogok di tĕngah djalan, lantaran koerang bensin atawa koerang minjak.

 Salawasna mobilna bĕrsih toer herang. Ngompa banna tara teuas-teuas teuing. Ngosokanana tara bĕdas-bĕdas, soepaja tjetna teu goegoes. Bantalna bĕrsih, hĕnteu pinoeh koe kĕkĕboel. Koe tina hade pamiarana, mobilna teh djiga anjar keneh bae, sanadjan geus lila oge dipakena.