Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32

 Si Amin mělěngěk bae, ngadengekeun doenoenganana sasaoeran teh. Da kapan manehna teh teu hajangeun digawe di noe sedjen, wantoening doenoenganana sakitoe njaaheunana ka manehna.

 Heuleut saboelan doen oengan ana mariksa kieu: „Koemaha Amin geus mikir-mikir, rek neangan pagawean teh? Oepama tatjan manggih pidoenoenganeun, dewek boga batoer sagawe, noe sakira pinjaaheun ka silaing. Lamoen aja di andjeunna mah, dewek moal mělang teuing, ninggalkeun silaing teh.”

 Walon Amin: „Kalintang abdi noehoenna kana tjitěrěs gamparan, kersa ngamanahan pikasenanganeun abdi. Nanging moegi teu djadi běndoe, sajaktosna abdi teu aja emoetan ngawoela ka noe sanes.”

 Doenoenganana: „Koemaha atoeh? Rek njabak gawe naon?”

 Walonna: „Maksad abdi teh kieu, gamparan: Di dinja tjakět pengkolan aja gědong kosong anoe ngagigirkeun goedang. Oepami sewaanana teu awis teuing, eta gědong bade disewa koe abdi. Goedangna bade didaměl bengkel, těmpat ngadangdosan kareta měsin sareng mobil. Pakakasna bade meser. Oepami parantos sajagi, němbe diboeka bengkel teh. Malah oepami tjěkap modalma, hajang bari dagang bensin sarěng lisah motor, kitoe deui ban kareta měsin sarěng ban mobil.”

 Doenoenganana: „Beu atoeh ari kitoe mah, koedoe boga modal gěde, keur njewa gědong djeung keur meulian pakakas. Koemaha kira-kirana, tjengtjelengan silaing geus tjoekoep pikeun modal?”

 Walonna: „Moal tjěkap manawi tjengtjelengan mah. Noe mawi aja emoetan bade ngilari artos heula, manawi aja noe pěrtjantěneun.”

 Doenoenganana: „Rek ka saha, ngindjeum doeit teh?”

 Walonna: „Sajaktosna pěrkawis eta noedjoe diemoet-emoet keneh. Doeka bade namboet ka bang, doeka ka saha.”