Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
37

10. Sobat sadjati.

 Kira-kira lalakon saparapat djam djaoehna ti desa Karang aja pasawahan lěga; noe bogana nja oerang Karang.

 Katjarita geus mimiti moesim ngidjih. Djělěma-djělěma geus ka sarawah, mimiti njamboet. Sawareh ngawaladjar, sawareh matjoel atawa magawe, aja oge noe geus sěbar, malah aja noe geus tandoer.

 Beulah ditoena, djaoeh ti djalan liliwatan, sisi sawah aja těgal pangangonan anoe katjida legana, sarta beh ditoena pisan těgalan teh njamboeng djeung raramboe leuweung. Sabagian tina eta těgal dikěbonan koe bapa si Idi.

 Kabeh oge oerang Karang katjida těměn wěkělna, anoe matak teu koerang sandang-panganna. Oenggal tas panen, parena dibagi-bagi, dipisahkeun pibiniheun, toeloej njadiakeun dahareun satjoekoepna sataoeneun. Saleuwihna sok didjoeal, keur mareuli papakean djeung keur kapěrloean sedjen.

 Bapa Idi ngingoe moending, noe dipikanjaah katjida koe manehna, reh sasatna nja moendingna anoe djadi tatalang manehna teh.

 Oenggal isoek rěboen-rěboen Bapa Idi geus ka sawah, rek ngawoeloekoe atawa rek ngagaroe. Ari geus panas, sok eureun magawena. Moendingna disina reureuh.

 Kira-kira wantji asar si Idi sok ka waloengan djeung batoer-batoerna, ngagoejangkeun moendingna. Baroedak teh katjida soeka-boengahna, bari ngagoejangkeun moending sok hareureuj silih simbeuh djeung aja noe itjikiboeng atawa noe tětěmbangan.

 Si Idi njaaheun pisan ka moendingna. Pangrasana moendingna teh geus pangäloesna bae di salěmboer eta mah, malah radjeun manehna ngomong kieu ka batoerna: Moending dewek moal aja noe ngoengkoelan sagala-galana oge.