Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38

Ari dipake magawe tara ngadat djeung tara tjapeeun. Katjida matak rĕsĕpna ari keur narik woeloekoe, soekoena bĕbĕlĕkoekan kana leutak; tanagana katjida rosana teh.”

Baroedak noe sedjen oge masing-masing ngalĕm moendingna, tapi rasa si Idi mah moendingna bae noe pangoenggoelna. Lamoen batoerna moedji moendingna, koe si Idi sok dititah ngabandingkeun tandoekna bae, sabab jakin tandoek moending si Idi teh taja bangsana, boh gĕdena boh pandjangna.

Bapa si Idi sasat hĕnteu bisa pisah djeung moendingna, lantaran sakitoe njĕnangkeunana ka manehna, malah radjeun sok ngomong kieu: „Nadjan aja noe daek meuli mahal ge, moending aing mah moal didjoeal, sabab oepama didjoeal, atoeh meureun moal bisa ngagarap sawah.”

Ari bapana soeboeh-soeboeh indit ka sawah, si Idi sok mindĕng miloe, sok ngabantoe bapana sabisa-bisa. Ari moendingna keur nganggoer, koe si Idi sok ditoempakan bari tĕtĕmbangan. Kabisana poepoeh Poetjoeng, lagoena „Hajoe Batoer”, goegoeritanana kieu:

  1. Moal aja noe bĕdas tjara si Djaloe,
    Teu aja tandingna,
    Nadjan loba deui moending,
    Moal aja anoe saroea bĕdasna.