Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
39
  1. Oenggal isoek sok dipake ngawoeloekoe,
    Ti barang braj beurang,
    Barang mělětek srangenge.
    Gětol pisan meunang sababara kotak.

  2. Moen geus panas, bapa magawe teu těroes,
    Sawědna dipětjat,
    Si Djaloe toeloej digiring,
    Disěnangkeun sina goejang di waloengan.”

 Batoer-batoer si Idi ge, baroedak lalaki sedjen, loba noe miloe ka sawah djeung bapana masing-masing. Ari bapana keur magawe, baroedak teh sakapeung sok ngarioehan handapeun tatangkalan di sisi sawah, karěkěděngan dina djoekoet bari ngawarangkong atawa ngadongeng, noeroetkeun dongeng ninina.

 Katjarita hidji poë wantji asar, baroedak teh araja keneh di sawah. Bapa-bapana keur ngareureuhkeun tjape, ari baroedak rek ngagoejangkeun moendingna ka waloengan; ěngkena kakara baralik ka sa-imah-imahna babarěngan djeung bapana, kitoe anoe geus biasa. Tapi harita bapa si Idi balik ti heula, sabab tjěnah arek ngahadean parandje, bisi kaboeroe boerit. Djadi si Idi rek balik pandeuri bae, sanggeus ngagoejangkeun moending.

 Harita teh poëna panas katjida. Moending si Idi geus goejang, tapi si Idi teu boeroe-boeroe antjroeb ka tjai, tjitjing heula di handapeun tangkal kai sisi waloengan. Sanggeus batoerna harandjat, si Idi kakara antjroeb, niat ngagěběg moendingna. Batoerna ngadaragoan, harajangeun balik barěng, tapi koe si Idi dititah baralik ti heula bae, da bisi karěsěleun. Harita teh doemadakan kolot-kolot geus baralik, djadi ngan tinggal baroedak bae sawatarana, da baroedak noe sedjen mah geus loba noe baralik. Eta sababna noe matak tjaritjing bae, noe dititah baralik koe si Idi teh,