Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41

teh kabeh oge ngarasa tĕtĕg hatena, teu mĕlangeun ka si Idi. Djeung ĕnjana, oepama moending si Idi kĕbat loempatna, tangtoe si Idi salamĕt. Tapi dasar si Idi noedjoe keur soë, geura baratja tĕroesna!

 Tina pĕrkara tarikna si Djaloe loempat, memang teu aja tandingna, komo deui barang njahoeun, jen maoeng teh tĕroes ngoedag, geus beuki mĕlĕtĕng bae. Ari keur kitoe, soekoe-hareupna noe hidji oedjoeg-oedjoeg gĕbloes bae kana logak, ngadĕkloek meh tikoesroek. Si Idi laboeh ka hareup ngaliwatan hoeloe moending, kabĕnĕran hĕnteu ngagaris seuseukeut tandoek, djeung koe sabab mapaj poendoek moending tea, laboehna teh ngagalasar, hĕnteu njĕri ninggangna kana taneuh, tapi hĕnteu boeroe-boeroe nangtoeng deui, sabab kaboeroe moendingna ngalengkah deui, toeloej bae manehna teh nangkoeban, djadi aja di kolong moending.

 Teu koengsi lila maoeng geus deukeut, malah geus djol hareupeun moending, kawas ngadodoho si Idi. Lĕbah dinja kanjahoan koemaha prakprakanana, si Djaloe ngabela sobat. Geura tĕroeskeun baratja!