Si Djaloe moendoer saeutik, něpi ka soekoe-hareupna malěbahan sirah Idi, toeloej toengkoel ngadjaga Idi, bari matana moentjěrěng ngawaskeun maoeng, sarta tandoekna dipasang, ngadago maoeng naradjang.
Maoeng teu sabar, pangrasana moal eleh karosaan, toer geus minděng ngelehkeun moending noe pantar kitoe. Gabroeg maoeng teh ngarontok, niat njakar djeung někoek. poendoek si Djaloe. Si Djaloe rikat masangkeun tandoek, dipake njodok anoe ngarontok, poeng maoeng teh diampoelkeun, bari seuseukeut tandoekna dipasangkeun kana lěbah piragrageunanana maoeng. Ana tjrěb teh tandoek kana beuteung maoeng, maoengna mani ngagaoer ngarasa njěri. Beuteungna boedal-badil, peudjitna bidjil, gětihna ngabajabah. Si Idi mělěngěk bae, asa di pangimpian, tapi teu sakara-kara, marga belana si Djaloe djeung pangěrsa Maha Kawasa.
Batoer-batoer si Idi tea ngaloempatkeunana moending ditěroeskeun něpi ka lěmboer. Geus taroeroen tina moending, kakara njarahoeun, jen si Idi hěnteu těroes noetoerkeunana, atoeh pada njangka geus tiwas bae. Toeloej bae baroedak patingsorowok: „Aja maoeng! aja maoeng!”
Kolot-kolot tingtorodjol ti imahna, naranjakeun, di mana aja maoeng teh. Koe baroedak ditjaritakeun, jen aja maoeng ngagaoer di sisi sawah, sarta maranehna téroes taroempak moending, baralik. Si Idi oge noetoerkeun, toempak moending pangpandeurina, tapi hěnteu njarahoeun, koemaha noe matak si Idi tatjan tembong keneh bae. Panjangka baroedak mah, tiwas bae si Idi teh.
Gantjang bae sakoer lalaki noe djagdjag sagěd, marawa pakarang sabogana-sabogana, toeloej arindit ka sawah, neang si Idi, soegan bisa keneh ditoeloengan.
Bapa si Idi ge miloe, tapi hatena teu wěleh salempangeun, sieuneun anakna geus djadi wadal.
Teu koengsi něpi ka sawah, ti kadjaoehan keneh geus katembong si Idi nangtoeng deukeut moendingna. Atoeh