Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
43

djělěma-djělěma teh beuki tarik laloempatna, hajangeun geura ngadenge tjarita si Idi. Barang geus amprok, gantjang bae si Idi teh pada nanja; barabat koe manehna ditjaritakeun, ti barang moendingna tibělesěk, toeloej manehna laboeh sarta rek dirontok maoeng, maoengna diampoelkeun koe si Djaloe, ditampanan koe tandoekna, něpi ka beuteung maoeng teh boedal-badil.

 Taja babandinganana djělěma-djělěma teh soeka-boengahna, komo bapa si Idi mah, reh geus salamět, nadjan moendingna baloboran ge hoeloena, ditjakar maoeng.

 Bangke maoeng djoeng digarotong, bring baralik bari rame saloesoerakan.

 Sadatang-datang ka imah, pakěpoek Bapa Idi ngoebaran hoeloe si Djaloe, sarta heuleut sawatara poë si Djaloe geus tjageur deui. Bawaning soeka, keur ngarioeng saanak-pamadjikan, Bapa Idi ngomong kieu: „Tambah-tambah bae si Djaloe mah pikanjaaheunana teh, noe matak salawasna ge moal didjoeal djeung moal dipeuntjit, kadjeun sina paeh bangkar.”

 Pamadjikanana njamboeng: „Poegoeh bae koedoe moelang tarima mah, da kapan si Djaloe teh geus noemboe oemoer anak oerang. Tatjan poegoeh djělěma mah belana kawas si Djaloe, něpi ka poho ka diri sorangan.”


11. Si Soeri djadi baboe.


 Si Soeri teh geus tamat sakola desa. Memeh balik ti sakola, goeroena sasaoeran, kieu saoerna: „Ajeuna maneh geus tamat sakola, toer kaasoep kana golongan baroedak pintěr. Lamoen hajang, meunang maneh těroes diadjar di sakola samboengan.”

 Senjana si Soeri teh rěsěpeun keneh diadjar, djeung