Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44

hajangeun asoep ka sakola samboengan, kabitaeun koe batoerna noe ngaran Mirah djeung Iněm. Handjakal teu karoedjoekan koe indoengna, sabab kieu omong indoengna: „Tamat sakola desa ge geus tjoekoep, Soeri, montong hajang asoep ka sakola samboengan kawas batoer. Ajeuna mah diadjar digawe di imah bae, bari ngabantoean ěma. Kapan adi maneh oge asoeheun keneh.”

 Indoeng si Soeri teh randa; kira-kira geus aja sataoen katinggal maot koe salakina, bapa si Soeri. Koe sabab eta kapaksa manehna koedoe oesaha sorangan, keur njoekoepan sandang-pangan saimah-imah. Ari pakasabanana noe ngabakoe, nja eta boeboeroeh noetoe atawa děrěp.

 Mimitina si Soeri teh ngarasa rada ngaroemas, lantaran geus biasa oenggal isoek sok ka sakola, ari ajeuna teu bisa ka mana-mana. Lamoen nendjo batoerna noe doea tea, si Mirah djeung si Iněm babarěngan ka sarakola, si Soeri sok toeloej bae ngabangbrangkeun maneh ngasoeh adina, ngais noe boengsoe si Ĕndjoen djeung noengtoen si Ĕndjen, pangais boengsoe.

 Barang adina noe doea geus sarakola, mimiti si Soeri ngarasa rada senang, da ngoeroes roemah-tangga mah teu sabaraha, wantoening imah-imah di kampoeng, teu loba oenak-anikna. Ari dina hidji poë indoeng si Soeri teh ngomong, pokna: „Daek Soeri djadi baboe? Di pasar ěma papanggih djeung kawawoehan. Manehna njahoeun, jen ěma boga anak awewe geus gěde, nja maneh; toeloej nanjakeun ka maneh, soegan daek djadi baboe, sabab tjěnah, djoeragan Djaksa di dajeuh, poetrana doea taja noe ngasoeh, lantaran baboena balik. Tjek manehna, bageur pisan iboe maroerangkalih teh, gěten ka rentjang djeung hěnteu běngis. Oepama maneh daek mah sarta gadjihna meudjeuhna, pek bae djadi baboe ge, soegan bae bisa tjoekoep pikeun kapěrloean maneh, kilangbara bisa njoembang teh ka ěma.”

 Eukeur mah aja pikiran, si Soeri teh rek neangan paga-