wean, ajeuna aja anoe nawaran, toeroeg-toeroeg karoedjoekan koe indoengna, djeung bakal aja di dajeuh, bakal loba tetendjoan, atoeh njĕboet manggana teh moenggah haripeut.
Teu katjatoer hal babadamianana, ngan katjatoer si Soeri teh geus aja bae di dajeuh, di boemi djoeragan Djaksa, djadi baboe. Nendjo medja djeung korsina djeung paparabotan sedjen noe araloes toer bĕrĕsih, si Soeri rĕsĕpeun pisan.

Babakoena noe matak manehna katjida bĕtaheunana, lantaran maroerangkalih asoehanana teu arogoan, sok naroeroet ka si Soeri teh. Moerangkalih noe doea teh, nja eta Dang Wawan djeung Neng Titi noe pangboerĕjna. Komo eta mah Neng Titi apet pisan ka si Soeri teh, tina katjida bisana si Soeri ngasoeh, sok njieun tjotjooan, sapĕrti: wawajangan koe daoen sampeu, kakaretaan koe tjangkang djĕroek atawa naon bae. Koe ejangna Neng Titi teh dipanggaleuhkeun boneka gĕde. Eta boneka koe si Soeri dipangnjieunkeun badjoe, atoeh beuki rĕsĕpeun bae Neng Titi kana eta boneka, make diais sagala koe pangais leutik, diejong-ejong disina bobo.