Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46

 Sore-sore saoepama moerangkalih geus karoelem, si Soeri diadjar ngapoet, noeroetkeun piwoeroek doenoenganana, babakoena sok ngapoetan panganggo moerangkalih noe saroëk. Barang geus nampa bajaran, manehna meuli ěntjit keur adina anoe boengsoe, pek dibědah toeloej dikapoet. Ari dina hidji poë si Soeri amit ka doenoenganana, rek njaba ka lěmboerna poelang poë, nja eta tjěnah, rek ngirimkeun badjoe adina tea djeung ngirim doeit ka indoengna, keur nambah-nambah balandja. Diidinan koe doenoenganana, ngan oelah lila teuing, sabab Neng Titi bisi leungiteun.

 Di imahna si Soeri ngagorah bae, njaritakeun kaajaan di boemi djoeragan Djaksa djeung njaritakeun moerangkalih asoehanana. Indoengna atoheun pisan, reh si Soeri ngarasa bětah di dajeuh, toer make barangkirim. Katjida si Soeri soeka-atina nendjokeun adi-adina marěboetkeun kadaharan bawa ti dajeuh. Komo adina noe boengsoe, barangdahar sarta bari nilik maneh, make badjoe pangirim si Soeri tea.

 Oenggal-oenggal toetoep boelan, sanggeus bajaran, si Soeri teh sok datang ka imahna, barangkirim ka indoengna djeung adi-adina. Sakali mangsa, waktoe aja di imahna, si Soeri sěmoe noe soesah, sarta goera-giroe bae ka dajeuh deui, sabab mělang ka Neng Titi, teu damang tjěnah, teu meunang ditinggalkeun lila-lila.

 Sanggeus datang ka boemi doenoenganana, boeroe-boeroe si Soeri asoep ka pangkoelěman. Kasondong djoeragan istri keur ngalandongan Neng Titi. Rek ka loear andjeunna sasaoeran: „Gek Soeri dioek di dieu, kami kěsěl, rek ka loear heula sakeudeung. Ati-ati oelah tjektjok, Ěneng keur sare.”

 Kaběněran aja doktor rek mariksa, enggal atoeh djoeragan istri ka kamar deui, njarěngan doktor. Pek doktor teh mariksa moerangkalih lalaoenan, toeloej woewoeroek ka djoeragan istri, sarta toeloej ka loear deui.

 Si Soeri meh beurang-peuting ngadjaga di pangkoelěman, kaloearna ngan sakeudeung-keudeungeun. Ari Neng Titi