Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

1. Kapal oedara.

 Dina hidji poë wantji lohor Soetardja, Soemitra, Oemar djeung Oerip aroelin deukeut sakola. Doemadakan Soetardja tanggah, sabab ngadenge anoe ngoeng-ngoengan ti kadjaoehan, nja eta sora kapal oedara.
 Omong Soetardja: ,,Heh, aja kapal oedara. Tjoba tarendjo, toeh di beulah wetan."
 Soemitra, Oemar djeung Oerip, barang ngadenge among Soetardja kitoe, toeloej bae tingsorowok: ,,Kapal oedara! Kapal oedara!"

 Omong Oemar: ,,Koe loehoer, nja euj!"
 Soetardja njamboeng: ,,Djělěmana awaseun kitoe ka oerang ?"
 ,,Wah moal. Imah-imah djeung djalan-djalan oge moal katendjoeun."
 ,,Toeh ajeuna mah rada njirorot."
 ,,Sorana mani ngagěroeng."
 Soemitra: ,,Tarendjo toeh aksarana tembong dina djangdjangna ti handap, oenina: P.K.B.A.S."
 Oerip: ,,Hajang teh ka dieu njirorotna, soepaja oerang bisa awas pisan."
 Tjek Oemar: ,,Moal bisaeun toeroen kadjalan."
 Walon Soetardja: ,,Ah, bisaeun."