Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
4

 Oemar: „Gĕde katjida, nja.”

 „Koemaha noe matak bisa njeboetkeun gĕde?”

 Waktoe baroedak njararitakeun kapal oedara, Soemadi, nja eta lantjeuk Soetardja, djeung babatoeranana daratang ka dinja. Soemadi teh moerid sakola mĕnĕngah di kota, teu djaoeh ti imahna, kakara kĕlas hidji; ari ka sakola sok toempak kareta mĕsin, balikna nja kitoe deui. Ti imahna ka sakola, lilana toempak kareta mĕsin tiloe parapat djam.

 Soemadi hajangeun njaho, naon anoe keur ditjaritakeun koe baroedak, pok bae manehna nanja: „Keur njararitakeun naon ieu teh, mani oeplĕk?”

 Walon Soetardja: „Ĕnja kang, tjek Oemar mah, kapal oedara teh moal bisaeun toeroen ka djalan. Teu ngandĕl koering mah.”

 Oemar : „Ongkoh djalan teh heureut, moal beunang dipake toeroen.”

 Oerip: „Soemadi mah meureun ĕnggeus nendjo kapal oedara ti kadeukeutan, nja?”

 Soemadi: „Poegoeh bae. Boelan toekang koering djeung batoer-batoer sakola, malah djeung goeroe sagala, njaba ka Andir, tĕgal pangapoengan deukeut kota Bandoeng.

Tĕgalna katjida pisan lĕgana, leuwih lĕga ti batan aloen-aloen. Nja di dinja tĕmpat ngapoeng djeung toeroenna kapal oedara. Di dinja aja adĕgan galĕde. Aja garaseu, minangka kandang kapal oedara. Gĕdena lawangna ge aja 30 metĕr mah.”

 Soemitra nanja: „Na meunang asoep ka dinja?”

 Walonna: „Poegoeh bae, sabab goeroe geus menta idin. Waktoe nĕpi kana garaseu, kabĕnĕran lawangna keur moeka, malah aja kapal oedara noe