Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
5

kaloear sarta ditaroempakan. Kaloearna gampang pisaa ngagorolong, sabab kapal oedara teh ti handapna make gilinding karet doea. Djeung ti hareupna make koletjer. Aja saoerang toekang ngadjalankeunana, geus oenggah. Koletjerna toeloej moentir, mimitina kěndor, beuki lila ngagoëngna beuki tarik.

 Sanggeus koletjerna ngagoëng, koering sabatoer-batoer dititah moendoer, oelah deukeut teuing ka dinja.

 Kapal oedara teh těroes bae ngagorolong. Teu koengsi lila poeng ngapoeng beuki loehoer-beuki loehoer. Baroedak soerak: Hoerse ngapoeng! Hoerse ngapoeng!

 Mimitina rada dengdek kawas manoek, geus kitoe kakara adjěg, toeloej ka loehoer ngoengkoelan tatangkalan. Sanggeus di loehoer toeloej njolojong tjěpět ka koelon. Beuki lila beuki djaoeh, beuki leutik něpi ka teu katembongna.”

 Soemitra nanja: „Rek ka mana tjěnah eta teh?”

 Walon Soemadi: „Rek ka Djakarta. Tjek noe ngaromong 3/4 djam ge bisa něpi ka Djakarta.”

 Tjek Soetardja: „Ari toempak kareta api ti Bandoeng ka Djakarta, lalakon sabaraha djam?”