Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52

 Panaros Koesnadi tadi di loehoer, koe goeroena diwalon kieu: „Kaajaan di Soreang djeung di dieu teu saroea. Di dieu mah loba djělěma anoe katěrap moeriang. Moerid-moerid noe teu asoep ge, lolobana mah anoe moeriang."

 Dasar boedak rada pěrtjeka, Koesnadi teh henteu tjoekoep koe walonan goeroe sakitoe, aja keneh kapanasarañana. Pok manehna naroskeun, koemaha lantaranana noe matak loba anoe moeriang.

 „Lantaranana," saoer goeroena, „anoe matak aja kasakit moeriang, rada pandjang. Minggoe hareup koe dewek rek diterangkeun. Sakalian rek ditoedoehkeun djoerigna." Sasaoeranana kitoe, goeroe teh bari mesěm.

 Baroedak loba noe seuri, aja oge noe olohok, teu ngartieun kana tjarios goeroena, koemaha pětana noedoehkeun djoerig moeriang.

 Heuleut sawatara poë, waktoe pangadjaran matja, baroedak teh koe goeroena henteu waka disina ngaloearkeun boekoe, dipiwarang ngadarengekeun heula kana kasaoeranana. Kieu saoer goeroena teh, bari ngadjoengdjoengkeun panangan doeanana, masing-masing dianggo njěpěng gělas: „Tarendjokeun, ieu aja gělas kosong doea. Tjoba Koesnadi ka dieu djeung Mariah."

 Eta gělas anoe hidji dipaparinkeun ka Koesnadi, hidji deui dipaparinkeun ka Mariah, toeloej sasaoeran deui: „Koesnadi koedoe ka loear ka soesoekan. Eta gělas koedoe dieusian tjai ti soesoekan. Ari Mariah koedoe ngeusian eta gělas koe tjai saring. Los ka ditoe, geura eusian!"

 Boedak doea kalaloear. Teu koengsi lila Mariah geus asoep deui, mawa gělas beunang ngeusian koe tjai. Geus kitoe Koesnadi oge asoep deui ka sakola, mawa gělas beunang ngeusian koe tjai ti soesoekan. Ari eta soesoekan teh henteu monteng, tjaina rada ngeujeumbeu. Henteu kiroeh-kiroeh teuing tjaina teh, ngan rada loemeur. Eta gělas anoe doea geus diteundeun dina medja direndengkeun.