Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
51

13. Reungit malaria.

 Baroedak anoĕ gětol mah daratang ka sakola teh tara kabeurangan, malah aja noe lila keneh kana lotjeng geus aroelin di boeroean sakola. Di handap ieu rek njaritakeun hidji sakola, noe moeridna biasana mah garětol. Isoek-isoek samemeh soemping goeroena, geus rame koe noe aroelin. Sawatara boedak awewe keur soesoempoetan, ari baroedak lalaki hahajaman, geus rada tjarapeeun, geus rek areureun.

 Hidji moerid kělas lima, ngaran Koesnadi, nitah eureun hahajaman, ngadjak gobag.

 Sabot kitoe torodjol goeroena soemping. Ngadangoe Koesnadi ngomong, andjeunna sasaoeran: „Oelah ketah, oelah gobag. Sakeudeung deui ge lotjeng. Areureun anggoer. Ĕngke bae rek gobag mah waktoe ngaso."

 „Keleneng! keleneng!" lotjeng ditabeuh, gantjang baroedak ngaberes doea-doea; panghareupna boedak awewe, di deukeut panto sakola.

 „Keleneng!" lotjeng sakali deui, kakara baroedak asoep ka sakělas-kělasna. Ari geus darioek kabeh, katingali koe goeroena, jen loba moerid anoe teu asoep. Aja sawatara bangkoe noe teu aja noe ngadioekan.

 Saoer goeroena: „Naha euj, mana loba-loba teuing noe teu asoep teh. Sasari ge sok aja bae noe absen, tapi tara něpi ka tjara poë ieu mah."

 Moerid noe ngaran Koesnadi, anoe kaseboet di loehoer, asal ti sakola sedjen, tatjan lila diadjarna di sakola eta mah. Rada kageteun, nendjo batoerna loba anoe teu datang teh, da di sakola manehna noe bareto mah, tjek manehna tara loba-loba teuing anoe absen. Toengtoengna manehna naros ka goeroena, naon sababna noe matak kitoe.

 Tadina bapa Koesnadi tjěkěl gawe di Soreang, toeloej dipindahkeun ka Palaboean. Eta sababna noe matak Koesnadi asoep sakola di Palaboean.