Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50

„noe matak maneh hĕnteu bisa ngadjawab teh. Tjoba bae badami heula djeung indoeng maneh. Tjaritakeun ka indoeng maneh, jen oepama di ditoe geus aja pigantieun maneh, noe sakira njaaheunana ka Neng Titi kawas maneh, tangtoe maneh dioeroeskeun koe djoeragan pamĕgět, soepaja bisa balik deui ka Poelo Djawa. Pĕrkara di djalanna mah, kami nanggoeng, taja pikasalĕmpangeun. Soegan moal koengsi sataoen, maneh padjaoeh djeung kolot. Eta kabeh tjaritakeun koe maneh ka indoeng maneh."

 Teu ngadago toetoep boelan tjara sasari, si Soeri geus indit deui ka lĕmboerna, ngahadja rek badami djeung indoengna, sakoemaha piwoeroek djoeragan istri. Sadatang-datang ka imah, barabat bae manehna njarita pandjang, maksoedna menta timbangan hal ngiring atawa hĕnteu ka Soematra. Indoengna ngadjak badami ka adina awewe, bibi si Soeri, malah toeloej ajeung si Soeri ka boemi oeroet goeroena, njoehoenkeun pěrtimbangan. Gantjangna mah indoeng si Soeri geus gilig, geus ngidinan anakna ngiring ka doenoenganana, reh pĕrtjaja kana kasaoeran djoeragan istri tea.

 Gantjangna tjarita bae, doenoengan si Soeri sagarwa poetra katoet si Soeri geus araja dina kareta api noe noedjoe ka Djakarta, djeung isoekna geus araja dina kapal noe balajar ka Soematra.

 Ti sabral si Soeri indit, indoengna teh teu wĕleh hoelang-hoelĕng, eling toer mĕlang ka anak, noe hĕnteu dinjana-njana bakal ngoembara ka nagara anoe sakitoe djaoehna, teu njaho lĕbah-lĕbahna. Sakapeung mah manehna teh make njoeroeloek tjipanon. Kahartieun koe si Ěndjen djeung si Ěndjoen, jen indoengna kagagas koe si Soeri, atoeh maranehna oge toengtoengna teh mariloe tjipanonan, bororaah ngabangbrangkeun ka indoengna.