Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

49

doenoenganana rek ngalih tea. Babakoena noe dipikiran,nja eta sieun papisah djeung Neng Titi, noe sasatna geusdjadi boeah hatena, kanjaahna geus lain djidjieunan. Ariras ka moerangkalih anoe sakitoe apetna ka manehna, koe manehna geus katjipta, koemaha ěngke pětana, lamoen djaoeh ti manehna.
 Di imahna si Soeri teh ngan sakeudeung, gěsat-gěsoet ka dajeuh deui, da moerangkalih ngan koematjatjang bae dina panonna.
 Keur waktoe djoeragan istri njaoerkeun rek ngalih tea, sanějana teu aja manah rek njandak si Soeri ka Soematra, sabab bisi teu daekeun djeung bisi teu bětaheun di ditoena, geus bae pikasěsaheun andjeunna. Tapi barang Neng Titi diotjal-otjal, ditjariosan jen si Soeri geus balik ka lěmboerna, sarta moal datang deui, Neng Titi teh moenggah ngalimba, djeung njaoerkeun rek miloe djeung Soeri. Koe sabab eta, sadatangna si Soeri ti lěmboerna, gantjang bae djoeragan istri teh mariksa : ,,Koemaha Soeri, lamoen miloe ka Soematra, daek atawa hěnteu ? Ari ras ka maneh, bisi teu bětah di ditoe, měnding teu miloe maneh teh, tapi ari ras ka Neng Titi noe geus sakitoe apetna ka maneh, meureun roengsing, hajang papanggih djeung maneh, da ka baboe anjar mah tatjan tangtoe apetna kawas ka maneh. Koemaha atoeh, moen miloe bae maneh teh ?"
 Si Soeri ngarasa bingoeng. Di loehoer geus disěboetkeun, jen sakitoe kanjaahna ka moerangkalih asoehanana, geus katjipta koe manehna, sakoemaha pisoesaheunana, lamoen padjaoeh. Tapi ingět kana djaoehna pangoembaraan toer teu njaho djalanna, manehna teh geus hoream ti memehna; koemaha pětana, lamoen manehna hajang papanggih djeung indoeng katoet adina noe doea, si Ĕndjen djeung si Ĕndjoen? Eta sababna, noe matak manehna gawena ngahoelng bae, teu boeroe-boeroe ngawalon.

 ,,Kaharti Soeri koe kami oge," saoer djoeragan istri teh,

KEIZER, Pangglar Boedi, I (Soenda).
4