Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
57

 Walonna: ,,Soemoehoen abdi mah ngewa, bongan sok njotjo sarěng sok ngagandengan."

 Goeroena: ,,Poegoeh dewek ge nja kitoe, teu rěsěp ka reungit teh, malah sarerea oge moal aja noe rěsěpeun. Leuheung bae, an ngan oekoer njotjo mah, ngan oekoer ateul. Sawareh mah kapan aja anoe djadi djoerig mooriang, těgěsna djadi lantaran moeriang, nja eta anoe dingaranan reungit malaria."

 Baroedak kabeh olohok, teu ngartieun kana tjarios gocroena, koemaha noe matak reungit djadi lantaran moeriang. Ĕnja-ěnja maranehna ngarěgpkeun, barang goeroena njarios deui, saoerna: ,,Moen teu aja reungitna mah, moal aja kasakit malaria teh. Lamoen reungit malaria dibasmi kabeh, moal aja deui djělma noe katěrap malaria, djadi moerid-moerid oge moal loba noe teu asoep ka sakola, da tjalageur. Oerang bae ajeuna moh sing ati-ati, oelah aja tjai ngěmběng di pakarangan, sing minděng montengkeun kolomberan, djeung oelah neundeun kaleng atawa wawadahan noe sakira kaeusian tjai hoedjan, sabab tjai hoedjan oge sok dipake ngěndog koe reungit."

 Koesnadi sanggoep, jen manehna pribadi rek ati-ati, soepaja pakaranganana toehoer, teu aja noe betjek-betjek pikarěsěpeun reungit.

 ,,Poegoeh bae," saoer goeroena, ,,da indoeng-bapa oerang teh loba deui kapěrloean, noe matak koedoe oerang noe ngoeroes pakarangan mah. Nagara teu koerang-koerang ngadjalankeun ihtiar, geusan kasehatan rahajat. Pagawean anoe bangga, sapěrti njaatkeun rantja-rantja, ngdoek soesoekan djeung salian ti eta, dipigawena koe pagawe nagara anoe maranti. Tapi tangtoe noe djadi rahajat oge koedoe ngabantoe, těgěsna koedoe daraek ngoeroes pakaranganana djeung imahna masing-masing, soepaja běrsih, soepaja djaoeh kasakit. Ari aja noe betjek-betjek, meunang oge dibandjoer koe karbol atawa koe minjak tanah. Tjinděkna