Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

58

mah oerang sarerea koedoe ihtiar, pikeun ngabasrni reungit malaria, lantaran eta reungit teh, lamoen njotjo ka djělěma, sok ngasoepkeun bibit kasakit moeriang, sarta anoe katěrap moeriang malaria teh, bisa djadi něpi ka adjal, ari hěnteu kaboeroe katoeloengan mah."

Kolombera disěmprot koe minjak tanah.


15. Toekang batoe kaleuwihan.

 Katjarita aja hidji toekang batoe anoe koerang panarima ka Anoe Maha Kawasa. Minděng pisan manehna ngarasoela. Ari geus ngarasa tjape digawena, manehna teh sok ngarahoeh bari ngomong djroning hate, pokna: ,,Adoeh pagawean aing, mana bangga-bangga teuing, ari hasilna teu sabaraha. Moal aja noe sangsara kawas aing."

 Anoe matak manehna sasambat kitoe, sabab poě harita teh katjida pisan panasna, toer di těmpat digawena hěnteu aja tatangkalan keur ngioehan. Ari batoe noe keur ditoegaran tea, katjida pisan teuasna.

 Digawena sapoě djěpoet, ti isoek něpi ka boerit. Ana balik teu bisaeun leumpang gantjang, da katjida ngarasa