Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
59

tjapeeunana. Sapandjang djalan ngan mikiran koelak-tjanggeum bagdja awak, lantaran saoemoeroemoer, ti boeboedak nĕpi ka kolot, ti ngongkoak nĕpi ka ngoengkoeeuk teu pinanggih djeung kasĕnangan. Moenggoeh kasoehoedanana toekang batoe teh meh teu aja tandingna, digawena sasat soekoe didjieun hoeloe, hoeloe didjieun soekoe, tapi kahiroepanana djaoeh tina ngaran tjoekoep, sakapeung mah dahar oge hĕnteu seubeuh.

 Ari dina hidji poë keur noedjoe digawe deui sabiasa djeung di tĕmpat eta keneh, toekang batoe kapanasan nĕpi ka njaktjlakan kesang. Pek manehna teh eureun, njosoetan kesang heula. Sabot kitoe, djorodjoj aja pikiran, lalamoenan djadi noe beunghar. Omongna dina hatena: ,,Saoepama aing beunghar, tangtoe aing hĕnteu koedoe doeg tinĕtĕk, digawe beurat tjara ajeuna. Ngeusian imah gĕdong anoe aloes. Hees dina kasoer anoe ĕmpoek, katilna dikoelamboean, moal digoeroemoet reungit. Dahar seubeuh sarta ngeunah oenggal poë. Dina waktoe panas poë mĕntrang-mĕntring, bisa ngioehan di papanggoengan di tĕngah patamanan."
 Rada oelĕng manehna lalamoenan teh, nĕpi ka meh poho bae, jen keur digawe. Barang eureun lalamoenan, gantjang ngawadahan batoe kana tjarangka parantina. Sanggeus kitoe pok manehna ngomong deui djro hatena: ,,Ah, rek eureun digawe teh, da geus tjoekoep sakieu ge. Ladang batoe poë ieu meudjeuhna keur meuli beas, dahareun djeung pamadjikan. Digawe paeh poso ge moal beunghar, da geus kadar koedoe djadi djĕlĕma miskin."
 Kakara gap ngaragap rantjatanana, rek ngadjoengdjoengkeun batoena, rek ditanggoeng, oedjoeg-oedjoeg torodjol bae

.