Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

61

dina kareta, diiring para ponggawa noe sakitoe garandangganndmgna, bět ngarasa katitih kabina-bina; kabeungharan sakitoe teh, dibandingkeun djeung radja mah, teu sadjeredjerena atjan.

 Barang aleutan Sang Radja geus teu katingal, toekang batoe ngomong sadjroning hate: ,,Koemaha rasana toempak kareta karadjaan, toer make pajoeng gilap? Matak naon, lamoen aing djadi radja? Moegi-moegi Goesti Anoe Si pat Moerah ngalaksanakeun kana panoehoen oematna !"

 Doemadakan satoetoepna omongan toekang batoe, ngong kadenge aja soara tan katingalan, pokna: ,,Panoehoen maneh dikaboel."

 Djlěg bae harita keneh noe beunghar teh djadi radja. Imahna djadi karaton, grějěk abdi-abdina. Andjeunna linggih dina korsi karadjaan, dideuheusan koe para mantri ponggawa. Goelang-goelang dipiwarang njaoer kareta, ngan sadjelat geus djol deui, tjong njmbah, gek dioek, oendjoekan, ngoendjoekkeun kareta parantos sajagi. Enggal Sang Radja Tjitjiptan nitih kareta. Karetana, koedana, pajoengna djeung saniskarana oge, hěnteu dipitjeun sasieur njples pisan kawas aleutan Radja Sadjati, noe dipikabita tea.

 ,,Enja ajeuna mah bagdja, diri aing," kitoe manah Radja