Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62

Tjitjiptan, sadjĕroning pasiar sapandjang djalan, ningalikeun abdi-abdi anoe broekbrĕk tjaringogo sisi djalan, tanda ngahormat ka radja.

 Kotjap dina hidji poĕ, noedjoe panas mĕntrang-mĕntring, nja eta waktoe katiga bangĕt, rea soemoer noe saraat, taneuh bareulah, tatangkalan daoenna rontog djeung djoedjoekoetan gararing, harita Radja Tjitjiptan noedjoe angkat matjangkrama, sanadjan dipadjĕngan ge, anggěr bae ngaraos panas bajeungjang, malah tina teu kawawa, nĕpi ka kaloear lisan, kieu saoerna: „Panjana teh ari noe djadi radja mah, moal aja noe ngoengkoelan, moal aja noe ngagoda kana kasĕnanganana. Ajeuna kami asa dihina koe srangenge. Moega-moega kami sing djadi srangenge!”

 Repeh anoe sasaoeran, ngong deui bae soara tan katingalan, njĕboetkeun jen tinĕkanan panĕdja Radja Tjitjiptan. Sapada harita oge Radja Tjitjiptan geus malih warni, djadi srangenge, njaangan djagat.

 Srangenge tjitjiptan tea panasna taja tandingna, leuwih panas batan srangenge sadjati. Koe tina bangĕt panasna, tatangkalan djeung djoedjoekoetan geus garing kabeh. Sasatoan loba noe paeh. Djĕlĕma loba anoe sasambat, meh teu koeat nahan panas anoe sakitoe bangĕtna. Srangenge tjitjiptan toelej soesoembar: „Aing noe pangkawasana, ajeuna mah moal aja noe ngoengkoelan.”

 Sabot kitoe, oedjoeg-oedjoeg angkeub bae; langit pinoeh koe mega kandĕl, ngahalangan sorot srangenge, atoeh djagat teu katjaangan djeung hĕnteu kapanasan.

 Srangenge tjitjiptan napsoe, toe1oej ngarasoela deui, hajangeun djadi mega, hajangeun djadi pangkawasana, oelah aja noe mapakan.