Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
65

16. Sing ati-ati.

Di aloen-aloen rame baroedak keur langlajangan. Katjida maroeloekna langlajangan teh. Aja noe gĕde aja noe leutik, djeung bangoenna roepa-roepa. Katingalna di awang-awang katjida matak rĕsĕpna.

Toeh awaskeun noe keur njirorot! Pohara aloesna eta mah langlajangan teh. Ari itoe noe tingsiriwik di awang-awang, kawas anoe hiroep bae katingalna. Toeh itoe mah njirorot ka katoehoe,

rek diadoekeun, tak siran. Geura awaskeun, mana noe meunang. Tatjan poegoeh-poegoeh atjan, geus gĕr baroedak teh soerak, maroekan ĕnja rek diadoekeun, sabab anoe njirorot teh njerenteng djiga rek njabĕt noe hidji deui, ari sihoreng ngan rĕrĕsepan bae, hĕnteu tĕroes diadoe-

KEIZER, Panggelar Boedi, I (Soenda)
5