Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
66

keun, toeloej bae eta doea langlajangan padjaoeh deui, dioeloer paloehoer-loehoer paantěng-antěng.

 Awaskeun ajeuna itoe, langlajangan noe panggědena! Djigana teh eta anoe pangwěwěgna. Diadoekeunana oge meureun pangmeunanganana, sabab noe bogana bisa pisan ngagělasna.

 Langlajangan noe pangloehoerna, barang rek aja noe njoesoel, djiga noe ěmboeng kasoesoel, lamoen moenggoeh djělěma mah, meureun kieu pipokeun dina hatena: „Wani silaing ka dewek? Heg rasakeun!”

 Gantjang anoe ti loehoer teh monteng, njabět moesoehna, bět bae běnangna pěgat, toeloej langlajanganana ngoleang. Gěr baroedak teh soerak bari toeloej laloempatan, ngoedag langlajangan leupas. Geus biasa di mana-mana, saha-saha noe pangheulana newak eta langlajangan, tah nja eta noe ngamilik.

 Sanggeus njabět moesoehna tea, langlajangan noe meunang teh dioeloer deui, toeloej ngapoeng moeloek pisan; geus antěng aja di loehoer, pek dangdak-dangdek ka kentja ka katoehoe, sěmoe noe neangan tanding. Lamoen eta langlajangan bisa ngomong, piomongeunana kieu meureun: „Horeng rěsěp, ari bisa ngelehkeun moesoeh! Tjik ajeuna saha deui noe piwanieun naradjang?”

 Sabot kitoe, langlajangan anoe sedjen noe rada leutik, noe meh saroea moeloekna, dideukeutkeun kana langlajangan noe leuwih gěde noe měntas diadoe tea, beuki lila beuki deukeut.

 Langlajangan noe dideukeutan, njereng bari siga nangtang: „Hiap ka dieu sing deukeut, ari wani mah ka dewek!”

 Moesoehna seot njirorot, děk běnangna paaděk djeung běnang noe hidji deui, sarta toeloej silih gesrek rada lila. Langlajangan anoe gěde bet bae běnangna pěgat, langlajanganana kokoleaban, lir anoe gěloet kapeupeuh, geus kitoe toeloej ngoleang kabawa angin, beuki djaoeh beuki