Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

67

handap. Baroedak ngabroel laloempat patarik-tarik, bari teu wĕleh taranggah, ngoedag langlajangan leupas.
 Leupasna langlajangan teh njorang kawat, bĕnangna njangkol, toeloej langlajanganana njangsang, deukeut kana tihang kawat.

Citakan:Category handler

 Ari anoe pangheulana narĕpi ka lĕbah dinja, nja eta Bakri djeung Sarip. Nendjo langlajangan njangsang, pok Sarip ngomong: ,,Ah, dewek mah teu wani, naek kana tihang kawat, bisi tjilaka."
 Walon Bakri : ,,ĕnja euj bisi tjilaka. Poegoeh bae lĕbarna mah, langlajanganana aloes. Rek diadjoel, loehoer teuing, moal aja keur ngadjoelna."
 Baroedak sedjen djoeldjol daratong, ngagimboeng bari taranggah, pada hajang kana eta langlajangan, ngan teu aja noe wani naek. Tina bawaning kabita koe Janglajangan, hidji boedak ngaran sidik ngadeukeutan tihang kawat, arek naek.
 ,,Oelah, Sidik," omong Sarip, ,,bisi tjilaka."
 Walon Sidik: ,,Ah, tjilaka koemaha. Geus biasa dewek mah sok tataekan. Sing pageuh bae njĕkĕlna, moal ragrag."
 ,,Lain ragrag," tjek Sarip teh, ,,anoe koedoe di pikarisi koe oerang,