Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
68

nja eta bisi kawatna aja noe roeksak, listrikna keuna ka oerang, djadi tjilaka."

 Dasar si Sidik běděgong, api-api noe teu ngarti kana pangingětan Sarip, terekel bae manehna naek kana eta tihang kawat.

 Sarip teu wěleh risieun. Si Sidik dititah toeroen, tapi teu noeroet, toeloej bae manehna naek něpi ka loehoer. Barang rasana geus deukeut, pek manehna njoba-njoba ngahontal langlaj angan, teu kahontal, nja toeloej ngarangkek deui.

 Tarikning tjilaka, barang manehna ngarangkek, kěk leungeunna njěkěl kawat noe listrikan, manehna ngarasa njěri toer reuwas, kalesotan toeloej ragrag, ngagěboet kana taneuh, gawena nangkarak běngkang, geus teu bisa walakaja, da kapaehan.

 Sarip reuwaseun katjida, toeloej bae gěgěroan menta toeloeng.

 Wantoening di sisi djalan loba djělěma ngaliwat, harita ge geus ngagimboeng naroeloengan. Noe tjilaka diparajang, dibawa ka imah noe pangdeukeutna ka dinja. Bapa Sidik dibedjaan, jen anakna meunang tjilaka, ari Sarip gantjang indit neang doktor.

117. Sing ati-ati.

(Toeloejna).

 Si Sidik dipariksa koe doktor. Badjoena digoenting. Awakna toetoeng. Bapa Sidik oge njaksian, gawena ngan ngong bae, ningal kaajaan anakna sakitoe matak watirna.

 Bapa Sidik naros ka doktor: ,,Koemaha kintěn-kintěnna, poen anak teh tiasa katoeloengan?"

 Walon doktor: ,,Tatjan beunang ditangtoekeun, sabab hese noeloenganana ari keuna koe listrik teh, djaba ti eta,