Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
69

taksiran, ieu boedak teh potong leungeunna djeung SoeKoena. Noe geus tangtoe, nadjan bisa tjageur deui ge, tangtoe lila kana pitjageureunana."

 Poë eta keneh oge salĕmboer eta geus pada njaho, jen si Sidik meunang tjilaka. Batoer-batoerna sakola, noe dareukeut imahna mah, aja noe neang. Lolobana njarahoeunana teh isoekna di sakola. Sanggeus baroedak arasoep, geus darioek sabangkoena-sabangkoena, pok goeroena sasaoeran: ,,Bareto geus ditjaritakeun koe dewek, jen lamoen naekan tihang kawat, sing ati-ati, lantaran aja bahjana, malah hadena pisan mah oelah bae naekan tihang kawat listrik teh. Tah ajeuna karasaeun koe si Sidik, ari teu noeroet kana papatah goeroe teh. Geura koe maraneh pikir, koemaha pirasaeunana. lamoen maraneh pribadi anoe tjilaka kitoe teh."

 Sasaoeranana kitoe, goeroe teh sĕmoe nalangsa, hawatoseun ka si Sidik. Sanggeus ngahoelĕng sakeudeung, pok sasaoeran deui: ,,Komo oepama si Sidik hĕnteu gantjang dipariksa koe doktor, bisa djadi tĕroes tiwas. Tapi doktor geus sasaoeran ka dewek, jen teu salĕmpang; noeroetkeun pamariksaan, si Sidik teh bakal bisa tjageur deui, nadjan lila ge."

 Toeloej goeroe njandak kapoer, bari miwarang baroedak, ngawaskeun ka andjeunna, rek ngagambar dina bor. Sanggeus andjeunna ngagambar anoe saroepa djamparing, pok sasaoeran deui: ,,Di tĕmpat-tĕmpat noe aja bahja listrik, sok diajaan gambar kilat, ti handapna dibangoen kawas djamparing, sarta di gigireunana aja toelisan, aksarana gĕde djeung tĕrang, noe oenina pisoensaeunana kieu:· Awas! saha-saha anoe njĕkĕl ieu kawat, tangtoe tiwas!.... Pirakoe maraneh tatjan narendjo gambar noe kitoe. Ajeuna geus pada ngarti, jen eta teh maksoedna ngabedjaan, jen di dinja aja bahja.