Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
70

Poegoeh ari tjahjana mah, listrik teh loetjoe. Dewek katjida rĕsĕpna, lamoen ti peuting ditjaangan koe listrik. Tapi oerang oelah poho, lamoen koerang ati-ati, bisa djadi oerang tjilaka koe listrik. Saoepama rek langlajangan, leuwih hade neangan tĕmpat noe djaoeh kana kawat listrik. Djeung oepama aja langlajangan leupas, njangsang kana kawat

listrik, keun bae montong ditjokot, lantaran aja bahjana tea, komo deui lamoen tali langlajangan noe njangkol teh baseuh.

Di djalan parapatan aja adĕgan leutik ditembok, nja eta tĕmpat listrik. Tangtoe maneh sarerea geus narendjo. Geura ĕngke arilikan gambar kilatna.”

Sawatara boedak ngawalon: „Abdi mah parantos ningal, jaktos aja gambar kilatna.”

Goeroe: „Lamoen maneh ngaliwat ka lĕbah dinja, sarta parĕng tĕmpat listrik keur diboeka pantona, patjoean rek