Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
71

tĕmpa-tĕmpo, soemawonna nĕpi ka asoep, sabab gĕde pibalahieunana. Tjindĕkna mah koedoe diingĕtkeun kieu: Listrik teh tjahjana aloes, ngan kawatna djeung tĕmpatna matak tjilaka..... Heg ajeuna oelah poho, sing ati-ati ngadjaga diri.”

Sanggeus diwoeroekan kitoe, baroedak teh koe goeroena dipiwarang ngalaloearkeun sabak, disina noeroetan gambar noe aja dina bor tea, kitoe deui toelisanana.

18. Nana djeung Didi tětělěponan.

Poë Ahad Nana keur leumpang di djalan, kabĕnĕran papanggih djeung Didi, toeloej Didi dititah miloe.

„Miloe ka mana?” tjek Didi.

Nana: „Ka dinja, ka toko Boelan!”

Didi: „Rek naon ka toko Boelan?”

Nana: „Rek menta kaleng oeroet tjisoesoe, doea.”

Didi: „Keur naon kaleng oeroet wadah tjisoesoe?”

Nana: „Rĕsĕp geura, rek njieun tĕtĕlĕponan.”

Didi: „Naha bisa, tĕtĕlĕponan koe kaleng kitoe?”