Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
72

 Didi teu pati ngartieun, atawa teu nganděleun, jen Nana bisaeun njieun tělělěponan.

 Nana: ,,Miloe bae ajeuna mah. Geura ěngke ge kaharti, ari geus aja mah tětělěponanana."

 Bring bae baroedak teh ka toko Boelan. Gantjangna Nana geus meunang doea kaleng noe dipikahajang tea, pamere noe boga toko, sabab manehna sok radjeun babantoe di toko Boelan.

 Bari mikeun eta kaleng, noe boga toko Boelan teh ngomong, pokna: ,,Ieu kaleng, pongpokna anoe ti Ioehoer geus dipitjeun, ngan tatjan diratakeun, di sisina aja keneh noe sareukeut. Sing ati-ati bae, bisi raheut. Rek dipake naon kaleng teh?"

 Walon Nana: ,,Rek njieun tětělponan."

 Noe boga toko Boelan: ,,Koetan bisa njieun tělěpon? Tjoba ngke pangnjieunkeun keur toko Boelan. Soegan bae beuki loba noe ngalanggan ka toko Boelan, ari aja tělěpon mah."

 Diwalon koe Nana bari seuri, kawas anoe saěnjana manehna bisa njieun tělěpon, pokna : ,,Mangga ěngke ngadaměl deui. Ajeuna mah bade ngadaměl keur abdi heula.

 Sanggeus Nana nganoehoenkeun, toeloej baroedak doea teh baralik, bari mawa kaleng kosong hidji sewang.

 Di deukeut imah Nana teh aja toekang kaleng, ngaran Pa Hoesen. Barang ras Nana ingteun ka Pa Hoesen, toeloej bae ngadjak ka Didi, rek ka toekang kaleng heula, ngadon ngikir kalengna tea, soepaja sisina rata pisan.

 Teu koengsi lila baroedak teh geus daratang ka toekang kaleng. Kasampak Pa Hoesen noedjoe digawe sakoemaha biasana. Kadjaba ti sok njieunan barang-barang tina kaleng, manehna teh sok ngahadean kareta měsin, nambal banna atawa naon bae. Nana sok minděng ka dinja, nendjokeun noe digawe djeung nendjokeun roepa-roepa pakakasna. Lamoen ban kareta měsin geus ditambal djeung geus dipasang, Nana hiděng sok mangngompakeun, soepaja ari