Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
73

anoe bogana geus majar ka Pa Hoesen, ngan kari toempak bae, teu tjape ngompa heula. Lamoen Pa Hoesen geus reres baranggawena, sok toeloej meres-mereskeun paparabotanana, soepaja teu pabalatak. Nana oge sok ngabantoean.
 Barang ret oge ngareret ka Nana djeung Didi tea, gantjang bae Pa Hoesen nanja: ,,Rek naon baroedak ka darieu? Rek ngabarantoean digawe?"
 Walon Nana: .,Ajeuna mah sanes bade ngabantoean. Hajang ieu ngaratakeun sisi kaleng. Bade namboet kikirna."
 Pa Hoesen: ,,Diratakeun naonana?
 Nana: ,,Bade njieun tětělěponan. Ieu kaleng sisina rada sareukeut, djadi kĕdah diratakeun heula. Bapa oge meureum iasa ngadaměl tětělěponan."
 Pa Hoesen: ,Bisa soteh bapa mah ngomean kareta měsin. Njieun tělěpon mah, tatjan ngadjaran. Ari oedjang noeroetan saha, djeung koemaha njieunna teh ?"
 Nana ngomong bari nembongkeun kalengna: ,,Gampil, Pa,