Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74

ngadamĕl tĕlĕpon mah. Ieu doea kaleng kosong kenging didamĕl tĕlĕpon. Nanging nja eta sisina kĕdah diratakeun heula.”

Eta kaleng diilikan koe Pa Hoesen sarta toeloej manehna njokot kikir djeung tjatjapit. Pek kaleng teh koe Pa Hoesen dikikir, nĕpi ka ratana pisan, moal matak raheut kana leungeun.

19. Nana djeung Didi tĕtĕlĕponan.
(Toeloejna).

Omong Pa Hoesen: „Geus rata ajeuna mah, geus moal matak raheut. Koemaha toeloejna, soepaja djadi tĕlĕpon?”

Nana: „Kĕdah diliangan heula ti handapna di tĕngah-tĕngahna pisan, keur ngalĕbĕtkeun tali.”

Didi mah olohok bae, hajangeun njaho, koemaha pidjadieunana. Pa Hoesen oge sĕmoe noe heran, sarta moedji dina hatena kana pakarĕpan Nana, boga niat njieun kaoelinan, noeroetan noe palintĕr, kaloearan sakola loehoer. Minangka nembongkeun kapanoedjoeanana, Pa Hoesen teh ngabanjolan ka Nana, ngomongna koe basa lĕmĕs: „Mangga djoeragan, ieu kaleng bade diliangan heula. Naon deui kahojong teh?

Gantjangna kaleng doea teh geus diliangan dina pongpokna, liangna leutik araloes.

„Mangga njanggakeun,” omong Pa Hoesen bari mikeun eta kaleng ka Nana, „ongkosna mirah, moeng sapoeloeh roepia.”

Ngawalonna Nana bari banjol deui, pokna: „Noehoen Pa. Ongkosna oge sĕdĕng, nanging ĕngke dibajarna, oepami parantos gadoeh gadjih.”

Pa Hoesen: „Mangga kitoe ge.”