Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

75

 ,,Aeh," tjek Nana, ,,teu atjan aja talina. Oepami bapa kagoengan tali alit anoe liat sarĕng pandjang, bade njoehoenkeun."
 ,,Ke oerang neangan heula," walon Pa Hoesen bari ngodjengkang kana pĕti wadah paparabotan. Kabĕnĕran tali teh aja, nja toeloej bae dibikeun ka Nana. Talina aloes toer pandjang.
 Kaleng noe hidjj ditjĕkĕl koe Nana, noe hidji deui koe Didi. Kitoe deui toengtoeng tali, anoe hidji koe Nana ditjĕkĕlna, toengtoeng anoe hidji deui koe Didi.
 Omong Nana: ,,leu toengtoeng tali oerang arasoepkeun kana liang kaleng, ari geus asoep, diboendĕlkeun toengtoengna pisan, soepaja hnteu ka loear deui. Kieu geura!"
 Pek koe Nana ditjontoan, soepaja ditoeroetan koe Didi. Atoeh Didi teu heseeun, gantjang manehna noeroetan, ngasoepkeun toengtoeng tali kawas Nana, sarta toeloej diboendĕlkeun.
 ,,Djoeng nangtoeng Didi," tjek Nana. ,,Eta kaleng tjĕkĕl sing pageuh. Ari rek ngomong, soengoet Didi koedoe ditom pokeun kana kaleng. Tapi lamoen rek ngadengekeun, kaleng teh koedoe ditoengkoepkeun kana tjeuli."
 Sanggeus kitoe, djoeng Nana oge nangtoeng, toeloej leumpang ka boeroean bari mawa kaleng noe hidji. Dina lĕbah kira-kira aja 20 m ti Didi, kakara Nana eureun, toeloej njanghareup ka Didi, bari pĕpĕta nitah Didi noengkoepkeun kaleng kana tjeulina.
 Gantjang Didi teh noeroetkeun parentah Nana, ari Nana nompokeun soengoet kana kalengna. Koe Didi kadengeeun, kieu tjnah: ,,Kadenge ka dinja, sora Nana?"
 Walon Didi: ,,Ĕnja, kadenge!"