Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
76

Nana: „Teu katji gogorowokan, da ngomong biasa oge tangtoe kadenge!”

Didi ngomong sabiasa, sarta koe Nana kadenge, pokna: „Koemaha ajeuna, kadenge keneh?”

„Poegoeh bae kadenge mah.”

Sabot kitoe, Pa Hoesen panasaraneun sarta toeloej ka boeroean, hajangeun miloe njoba tĕlĕpon, njampeurkeun ka noe deukeut, nja eta Didi.

Didi ngasongkeun kalengna ka Pa Hoesen, bari nawaran, bisi Pa Hoesen rek nĕlĕpon ka Nana.

Sanggeus Pa Hoesen nampanan kaleng, pek nanja heula ka Nana: „Halo! halo! Ada toean Nana di sana?”

„Ada,” walonna, „siapa itoe?”

„Bapa Hoesen!.... Oerang ngomong Soenda bae atoeh, nja Na!”

„Mangga!”

„Bĕnĕr bisaan Nana teh. Kakara bapa mah manggih tĕlĕpon noe kieu. Lamoen dibikeun, ieu tĕlĕpon arek dibeuli koe bapa. Sapoeloeh roepia oge wani. Poenah bae hoetang Nana, teu koedoe dibajar deui.”