Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
77

 Walon Nana: ,,Ěngke bae tělěpon keur bapa mah, oerang neangan deui kalengna noe langkoeng sae. Nanging pangaosna oge langkoeng mahal. Ari hoetang mah, ngantosan gadjihan heula; ajeuna koeroe keneh."
 Nendjo Pa Hoesen mikeun deui kaleng ka Didi, Nana eureun nĕlĕponna, toeloej tali tělěpon teh digolongkeun kana kaleng, bari leumpang, njampeurkeun Didi. Ari geus deukeut ka Didi, kakara kaleng ti Didi ditampanan koe Nana.
 Sanggeus kitoe, bral Nana djeung Didi teh baralik babarĕngan. Ingětan Nana, ari geus datang ka imah, boeroeboeroe rek nembongkeun tĕlĕponna ka adina djeung bapana, djeung rek sina diadjaran.

20. Siraroe djeung rinjoeh.


 Wantji magrib keur moesim ngidjih, di imah Jahja geus njeungeut lampoe. Di emper hareupna tjaang, malah indoeng bapa Jahja keur darioek di dinja bari ngaromong. Ari Jahja harita teh keur noedoehkeun gambar-gambar dina boekoe ka adina awewe. Doemadakan oedjoeg-oedjoeg kĕploek bae aja siraroe moerag kana boekoe. Beuki lila beuki loba siraroe teh, tingkělěpĕr njalampeurkeun kana lampoe. Loba oge anoe geus lesot djangdjangna, tingkarajap dina medja.
 Boeroe-boeroe boekoe Jahja dilingkoepkeun, sieuneun kakotoran koe siraroe.
 Nani, adi Jahja tea, rěsěpeun pisan nendjo siraroe ngagimboeng, omongna: ,,Naha nja kang, mana loba-loba teuing siraroe teh!"
 Eta kabeh siraroe teh ti boeroean daratangna, tapi ari liangna mah, teu njaho di Iěbah mana, da harita di loear teh katjida pisan poěkna, moenggah měrědong. Karěsěpna siraroe teh sok njalampeurkeun noe tjaang.