Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
78

 Indoeng Jahja boeroe-boeroe njokot baskom ditjaian, sok diteundeun dina medja, handapeun lampoe, soepaja siraroe anoe keur napoek lampoe teh, ana geus tjarapeeun hibĕrna, maroerag kana tjai, djadi hĕnteu tingkarajap ka mana-mana. Noe geus aja dina medja ge dikoempoelkeun, diasoepkeun kana baskom. Nani njokotan siraroe anoe geus euweuh djangdjangan, tingkarajap dina korsi, aja oge noe di handap

dina oebin. Anoe tingkĕlĕpĕr keneh dikĕpoekan koe Nani bari seuseurian, atoeh lalesot djangdjangna; siraroena ditjokotan hidji-hidji, dikĕtjĕmploeng-kĕtjĕploengkeun kana tjai dina baskom.

 Ari geus tjarang siraroe noe tingkĕlĕpĕr sarta sakoeriling medja geus ngabajak djangdjang siraroe, bapa Nani nitah njapoekeun djangdjang siraroe ka Nani. „Meugeus,” tjĕnah, „oelah dikĕpoekan teuing siraroe teh, sawareh mah sina baralik deui kana liangna, da harajangeun keneh hiroep.”