Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
79

 Gantjang Nani njokot sapoe, seot-seot njapoekeun djangdjang siraroe, ngan sakeudeung geus bĕrĕsih. Geus kitoe Nani ka pawon djeung indoengna, rek ngagoreng siraroe. Memeh digoreng, siraroe noe dina baskom dipitjeunan djangdjangna heula koe Nani djeung indoengna.
 Jahja nanja ka bapana, nanjakeun siraroe teh naon asalna djeung ti mana daratangna, oedjoeg-oedjoeg napoek bae kana lampoe.
 Diwalon koe bapana, jen siraroe teh kalaloear ti djĕro taneuh. Lamoen rada tjaang keneh halibrna, sok loba noe disambĕran koe tjangkoerileung djeung saeran. Komo lalaj mah nĕpi ka poëk njalambĕran siraroe teh. Tjaktjak djeung bangkong oge sok ngahakanan siraroe.
 Omong Jahja: ,,Meureun seep siraroe teh sadajana, teu aja noe tĕras hiroep."
 ,,Hĕnteu kabeh," walon bapana, ,,aja oge noe salamĕt, teu katewak koe djĕlĕma atawa koe sasatoan. Tah eta anoe kitoe, sok toeloej pating karajap, njaroesoep ka noe boeni, arasoep kana liang-liang dina tatangkalan, aja oge noe ngaliang dina taneuh. Aja anoe kabĕnĕran siraroe djaloe papanggih djeung noe bikang, toeloej njoempoet babarĕngan. Heuleut sawatara poë siraroe bikang teh ngĕndog. Eta ĕndog-ĕndog tea ana mĕgar djadi rinjoeh, anoe katjida lobana."
 Jahja geus mindĕng nendjo rinjoeh, nja eta sato noe sok ngaroeksak, sok ngahakanan pagr atawa paparabotan tina kai djeung tina naon bae. Boekoe Jahja ge geus aja anoe roeksak dihakan rinjoeh.
 Bapa Jahja noeloejkeun tjaritana: ,,Noe toeloej ngaliang deui, siraroe teh kabeh geus teu djarangdjangan, djadi geus lain siraroe sanjana mah; eta kabeh teu eureun-eureun digawe, lantaran anak-anakna anoe sakitoe lobana, koedoe disadiakeun hakaneunana djeung imahna (hoenjoerna) koedoe tĕroes digĕdean, sangkan oelah nĕpi ka heurin. Kitoe deui imahna teh koedoe santosa, sangkan oelah aja moesoeh