hoe bisa asoep, malah aja anoe ngadjaga sagala, minangka pĕrdjoeritna, nja eta rinjoeh pĕtingan, noe darĕdĕg djeung barĕdas.”
Barang tjarita bapana nĕpi ka lĕbah dinja, Jahja njĕlang heula ngomong, pokna: „Eta pangintĕn, anoe galĕde hoeloena, rinjoeh pĕrdjoerit teh.”
„Ĕnja noe kitoe,” walon bapana. „Ajeuna bapa rek nanja: Geus nendjo silaing rinjoeh bikangna, anoe sok disĕboet gateuw?”
Walon Jahja: „Gateuw, Pa? Anoe koemaha gateuw teh?”
Bapa Jahja: „Anoe disĕboet gateuw teh, nja eta rinjoeh bikang, panggĕdena di antara rinjoeh-rinjoeh anoe sakitoe lobana. Eta gateuw teu bisaeun ka mana-mana, sabab beurateun koe beuteung, da katjida bĕlĕnoena beuteungna teh, nĕpi ka aja anoe sagĕde ramo. Gawena teu aja lian djaba ti ngĕndog.”
Jahja njĕlang: „Atoeh teu bisaeun leumpang meureun, nja Pa?”
Walonna: „Bororaah bisa leumpang, ngeser ge tina ĕng-
gonna teu bisaeun. Baranggawe kawas rinjoeh anoe sedjen, manehna mah hĕnteu ngimpi-ngimpi atjan. Tapi ngĕndogna moal aja noe ngoengkoelan. Ari mangsana ngĕndog teh, ĕndogna dina sapoë nĕpi ka 10 000 lobana.”
Omong Jahja: „Hajang abdi mah ningal gateuw.”