Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
81

 Bapana: „Lamoen hajang nendjo gateuw, koedoe ditoegar imahna, sabab tĕmpatna di djĕro pisan. Radjeun oge aja anoe noegar imah rinjoeh, ngahadja ngala gateuwna, djoealeun.”

 Jahja: „Saha noe sok meuli gateuw, Pa?”

 Bapana: „Oerang Tionghoa anoe sok meuli gateuw teh, keur oebar, bedjana mah.”

 Jahja ngomong sadjĕroning hatena, jen lamoen manggih hoenjoer, arek ditoegar, soegan bae aja gateuwan.

 Sabot kitoe Nani djeung indoengna tas ngagoreng siraroe tea, geus araja di emper deui, ngadarengekeun.

 Indoengna ngomong: „Kahajang teh hajam oerang ngĕndogna kawas gateuw. Meureun tereh beunghar, oerang.”

 „Hĕnteu loba kawas ĕndog gateuw oge,” tjek bapana, „kadjeun teuing. Asal tjoekoep dahareun oerang bae djeung pĕgarkeuneun sawareh.”

Rinjoeh.

 Sanggeus kitoe, Bapa Jahja noeloejkeun deui tjarita, pokna: „Ĕndog gateuw noe sakitoe lobana teh ana mĕgarnja djadi rinjoeh, lolobana rinjoeh pagawe atawa rinjoeh biasa, sawareh rinjoeh pĕrdjoerit. Sawatara tina rinjoeh

Rinjoeh pĕrdjoerit.

 noe loba tea ĕngkena nja djaradi siraroe. Tjindĕkna mah siraroe teh nja eta rinjoeh anoe djangdjangan. Djangdjangna

Siraroe.

lobana opat. Siraroe teh teu barĕtaheun di djĕro hoenjoer, lantaran heurin toer poëk. Tah kitoe sababna, noe matak sok kalaloear, halibĕran ka noe

KEIZER, Panggelar Boedi, I (Soenda).
6