Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
82

tjaang, malah loba noe ngadareukeutan lampoe. Tadi geus ditjaritakeun, jen siraroe teh lolobana toeloej paraeh koe roepa-roepa bahja. Ngan saeutik anoe hiroep, soemawonna anoe bisa manggih djodo sarta tĕroes njieun imah djeung mĕntjarkeun toeroenan mah.”

„Hadena bae,” tjek indoeng Jahja, „siraroe teh loba noe paeh. Tjoba oepama teu kitoe, sakoemaha pilobaeunana rinjoeh, sakoemaha pilobaeunana barang noe roeksak dihakan rinjoeh.”

21. Laladjo balon.

„Tong, klontongtong klontongtong! Tong, klontongtong klontongtong!”

Tah sĕngke kolontong teh, geus kadenge kolontongna, beuki deukeut beuki tarik. Anggĕr oenggal poë Ahad eta sĕngke sok ngidĕr ka kampoeng-kampoeng, nabeuh kolontong sapandjang djalan, nawarkeun barang-barangna.

Noe araja di djĕro imah, komo awewe sok kalaloear, ngagimboeng ka eta sĕngke di boeroean, bari ngarilikan barang. Biasana sok aja bae noe barangbeuli, aja noe meuli balatjoe atawa mori, lolobana noe meuli ĕntjit.

Baroedak ge loba noe miloe ngaroeboeng, narendjokeun djeung ngadengekeun noe rĕboet tawar. Eta deuih, baroedak teh rarĕsĕpeun ngadengekeun sĕngke ngomong. Ari aja